Selasa, 17 Oktober 2017

Kata Kata Motivasi Sunda

Bangga ku kesang sorangan, lain agul ku ladang pamerean. Najan leutik jeung saeutik, bisa jongjon bari calik!

CINTA ngan lima huruf, tapi ngefekna bisa sahirup! Mihape, ulah nepi salah neundeun hate. Wilujeng wengi, tenangkeun, senangkeun!

Hirup mah ngukur jeung ngukir. Ngukur kana kamampuan, sangkan jongjon ngajalanan. Ngukir lampah kahadean, bekel jaga di pangbalikan!

Geus puguh jauh terus di tempuh, geus puguh nyeri terus di cari. Geus karasa luka, teu kapok neang cinta. Cageur ??

Kanyaah nu teu sapira, bisa kabeuli ku hal-hal nu sifatna samentara. Manggih nu leuwih, kanyaah na oge ngalih. KARUNYA!

Jelema murah, jelema nu nganggap lumrah kanu laku lampah anu salah.

Ngarana hirup butuh ikhtiar, boh ngala rezeki, boh neang jodo. Tinggal kumaha cara urang ngaikhtiarana. Niatan ku bismillah sangkan barokah.

Rasa bisa robah sakahayang manehna Dimana meunang luka nu hese ubarna. Waktu nu ngajawabna Hate nu bakal nyimpulkeun bakal kumaha. Alirkn

Kabungah dina hirup teh hak pikeun sakabeh jalma tapi teu sakabeh jalma bisa meunangkeun kabungah anu saenyana.

Beda lain ku rubah rasa ti deudeuh malik geuleuh. Keur ngakalan pikir nalaah rasa, ieu bogoh atawa bodoh.

Dina urusan cinta, lolobana ngagugu rasa tanpa sadar kana logika. Kaduhung akhirna. Aing contona !!

Rasa sono memang kejam, datang diwaktu nu teu kaduga, dinu kaayaan nu teu disangka. Teu munafik, aing keur inget ka sosok nu pernah aya.hanya kata kata

Teu kaciri tapi aya, teu katerka tapi nyata. Ieu rasa, nu moal leungit dugika hirup rengse nyarita. Wilujeng wengi. Tenangkeun, senangkeun!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar